Bhisma Perlaya

Nyawang raga nu ngalumburuk ,renghap panungtung anjeun ngan nepi na congo tikoro ,Teu bisa kebat ,sabab Urat beuheung kaburu paragat .Di letak seuseukeut sarebu panah .Raga nu,teu walakaya,nyangkoreh disangkeh taneuh beueus ,digalentoran ku getih haneut ,nu ngaley ...nganteur kapeurih hate,nu teu acan kungsi kedal. Rebuan manuk nazar ...surak balakecrakan , Mawa sesa-sesa keureutan daging ,teuing kamana ? angin ge teu nyaho ,dimana raga anjeun nyangsaya!.